Wednesday, September 17, 2014

Kisah Goblog Di Hari Minggu

Minggu adalah, hari dimana semua umat manusia bisa
hidup damai setelah senen salasa rebo kamis jum'at sabtu, beraktivitas dan bekerja keras bagaikan kuda.

BEGITUPUN, Aing. Pada hari itu aing bertekad rek istirahat total. Demi bertahan hidup. Kusabab poe-poe saacanna aing kurang molor akibat sibuk les piano, jadi emsi kawinan, jeung aktipitas aktipitas nulain. Pokona, "Aing erek molor 24Jam fullteng!!"

****

Tapi... poe minggu anu kuaing diharapkan akan menjadi hari yang indah, kalakahh jadi poe yang paling tragis dalam hidup aing. Iyah. Kisah goblog, dihari minggu!!.

Malam minggu. Aing boga rencana rek molor ti jam 1 janari, nepi ka jam 1 janaari deui poe senen!!. Rencana brilian aing berjalan lancar pas aing molor sekitar jam 1 janari.
Dan......
Semua kisah goblog dalam cerita inipun dimulai!!.
Keur ngeunah ngeunah ngimpi diner with pepita pirs, jam 4 shubuh. Aing kebangun gara gara sora gandeng ku sora hape aing sorangan. Aya telepon asup, tapi nomerna euweuh ngaranan. Mimitina kuaing di rijek. Sabab aing termasuk tipe tipe manusia anu paling teu resep lamun keur molor, diganggu!! Sanajan aya ombak menyapu imah sekalipun, aingmah tetep... Bakal hudang atuh arisia :'D Hehe 420x...
Tapi sanajan geus dirijek patbelas kali ge, eta si penelpon misterius embung eleh. Sieta tetep optimis lamun teleponna bakal diangkat kuaing. AKRHIRNYA!!! Aing nyerah. Kuaing angkat. Dengan harapan, mun kuaing gs diangkat, sieta moal nelepon deui.
"Hallo?"
"Hallo?" Ternyata bapak-bapak anjis.
"Ini siapa ya?" Ceuk aing.
"Ini opung kau! Lupa kau sama opung sendiri? Bah!"
Nepi dieu, aing ngarasa, aya nusalah jeung jelema ieu. Kahiji, bapak-bapak eta ngomong bahasa batak. Kadua, spesies model nanahaon neangan dulurna shubuh-shubuh. Pait :(((

"Salah sambung, om!"
"Ah macam mana bisa salah sambung! Jangan mengada-
ada kau!"
"Sumpah, salah sambung!"
"Kau ini Sondang anaknya si Alex kan?"
"LAIIIIIN SETAN!! Aing Regi, babeh aing Didi Sunardi".
"Wah kalau begitu, aku salah sambung!"
"KAN CEUK AING GE TADI KITU SETAN sad(". *podaran*
dan kembali molooooor!!!.

Beberapa menit kemudian...
Hape aing sada deui. Bapak-bapak eta nelpon aing deui.
Kapaksa kuaing angkat.

"Naon deui Lur?"
"Jadi, Sondang mana Sondang?".
"NYAO AH SETAN". Tanpa pikir panjang, aing langsung modaran hp. Saacan aing reflek ngajual hape gara gara opung si sondang!! Fak opung *tear*

Jam 6 isuk isuk, aing kebangun deui wae. Ayeunamah gara-gara hal anu leuwih betein tinu samemehna. Aing kebangun gara gara Ucing begerrrrr. Ngahaja kuaing diantep, da palingge 5menitlah ucing begermah.
30 MENIT KEMUDIAAAAAAAAAAAN~

Setaaan! Sepasang ucing teu gableg pikiran itu gogorowokan. Aing kudu neangan cara untuk menghentikan perilaku amoral mereka. Dengan hati yang bergelora, aing kaluar. Maledog keun sendal ka arah ucing anu keur dimabuk asmara itu. Pas geus dibaledog, bikangna lumpat. Sedangkan jaluna jol menatap sinis ka aing. Panona teh seakan-akan ngomong "Awas siah goreng patut, kuaing dibales". Tapi aing teu eleh geleng. Aingge menatap sinis ka sieta seraya ngomong "Naon blog!!" Ucingpun, kabur~

Aingpun kembali molor. Mencoba melanjutkan perjuangan menikmati setiap lekuk kasur aing. Karek ge 5menit molor, torojol deui gogoda. hoof._.

"DEDEEEEEEEEE!" (Panggilan sayang si momsky ka aing karena aing anak bungsu hehehee) Sora indung aing ngagorowok memecah keheningan. Bahkan ampir-ampiran memecahkan selaput gendang jelema2 anu aya disekitar imah aing dalam radius 10 kilometer.
"Iya maaaaaaaaaaahhh? Why?"
"Geus nyaring can, dee?"
"Acan mah"
"...."
Sepagi itu, indung aing iseng iseng nyobaan resep dahareun anu dibaca tinu majalah. Tanpa sadar, ke-iseng-an dosky secara tidak langsung sudah menyiksa dan mengorbankan darah dagingna sorangan. :(((

"Mamah keur nyobaan resep anu kumamah dibaca tinu majalah dee, tapi bahanna kurang"
"Terussssssssssss?"
"Pang meserkeun jeruk nipis kasep, soleh, jagoan mamah."

Saat itu aing seakan berada disituasi yang sulit dalam hidup, anying. Lamun ditolak, aing sieun dikutuk jadi knalpot AHRS. Lamun diturut, hirup aing rusaaaaak. Kudu asup ka sebuah pasar, terus padempet-dempet jeung ibu-ibu ngais budak, bau balsem. Hmm :(((
Setelah ngabandungan mata mamah yang penuh ancaman, aing kapaksa nurut. Sabab aing teu hayang sanasib jiga si malin kundang.

Dinu pikiran aing, neangan jeruk ditengah pasar pasti gampanglah. Tinggal tatanya katukang sayur, pabalataaaak. Yes.

Tapi ternyata aing salah. :(((
Sesampainya aing dipasar, aing puputeran neangan tukang jeruk nipis, terus pas kuaing ditanya, ngajawabna ngan "Di situh" hungkul. Tanpa memberikan arah yang spesipik sianyingteh.

Satu jam berlalu~~
Tukang jeruk nu kuaing diteteangan teh can kapanggih kapanggih. Perjalanan aing neangan jeruk nipis, serasa neangan 9 bola naga dregenbol anying. ( Eh 9 atawa 7 euy poho deui. Sakitu welaaah. Da aingmah tara lalajo kamen raider.)

Geus ampir kabeh kuaing ditanyaan pedagang, akirnya aing tarik kesimpulan. Bahwa mungkin si tukang jeruk nipis keur cuti. Tanggal beureum. Pencarian aingpun, Mission Failed!!!

*****

Aingpun, uih kabumi. Tanpa hasil. Sabab geus cape teuing. Sabodo lah rek engke dikutuk jadi knalpot AHRS oge. Aing pasraaaaah :(((

Setelah papanasan dijalan dalam perjalanan pulang, akirnya aing nepi, di imah. Aya rasa cemas, panik jeung hariwang nganganggu aing saat itu. Sok sieun, pas ngomong jeruk nipis na euweuh, mamah langsung shock, terus ngagorowok "APAH?! TIDAK MUNGKIN!". Diteruskeun ku adegan nyepeng dada. Awak kejang2. Mata kaluhur. Serangan jantung. Pupus~. Tapi teu mungkinlah. Kajadian nukitumah ngan aya dinu FTV indosiar!.

Aing memberanikan diri menghadapi kenyataan. Di iringi perasaan cemas campur jeung sieun dikutuk jadi knalpot, aing leumpang kadapur untuk menemui bundaku sayang.

Dosky terlihat sedang nyiksikan wortel jeung buncis. Can ge acan aing ngomong, mamah geus melong ka aing. "Kumaha dee, aya jeruk nipis teh?"
Aing seketika itu ngarasa jadi jelema buronan Amerika anu ka tewak Di rusia.

"Jadi kieu, mah.."
"Kumaha kumaha?"
"Ngggg..................."
"Pasti teu meunang nya?. Baelah. Ternyata setelah mamah nga cek kulkas, jeruk nipis teh aya, loba keneh dee. Hehe"

ALLOHUAKBAR!!!!

Rasana campur aduk. Antara ngemplong, jeung kesel. Ngemplong pedah aing moal dikutuk jadi knalpot. Dan kesel pedah geus buang buang energi ngurilingan pasar jang neangan jeruk nipis anu sabenerna aya dinu kulkas. Ahhhh, mom. You make me cry :(((

Untuk kesekian kalinya, aingpun otw kasur deui untuk melanjutkan perjuangan. Teu lila, aing tibra. Ayeunamah, aing molor sekitar 2 jaman lah. Timimiti jaman nabi daud, nepika jaman calana lejing gombrang. Lumayannnn~

Saking kangeunahan sare, aing poho tikamari sore acan dahar. Dengan nyawa yang belum terkumpul, aing berjalan menuju dapur untuk mancari sesuap nasi anu bisa dihakan.
Namun kenyatannya,,, Ngan aya peralatan masak, piring kotor, jeung sendal capit anu ngagoler tak berdaya dinu tehel. Sepertinya aing teu manggih sesuatu anu bisa dihakan. CRY :((((

Aingpun nenangan indung aing untuk meminta klaripikasi tentang kamarana ieu hakaneun inditna, anu tadi dipasak.

"Maaaah.. maaaah..."
"Euyyyyy~?" Indung aing menyaut, ketika hendak meresan rambut dikamarna.
"Ari emam-eun anu tadi dipasak kumamah mana, mah?"
"Oooh. Gagal dee. Rasana aneh. Daripada mubajir teu ka emam, kumamah dipasihkeun ka ucing"
"Astaghfirullah, mah :(((."
"Oh enya dee. Tadi ningsih kadieu siah" Ujar mamah aing, mencoba membahas topik lain sebagai pengalihan isyu atas gagal memberi makan buah hatinya. "Tadi milarian dede. Tapi dedena kebluk, hese hudang."
"Terus mah terus?"
"Nya dia uih. Dia nungguan dede dibumina".

Ningsih adalah kabogoh aing. kita bobogohan geus jalan 2bulan 31poe. (KITAAAAAAA? Siaweh jeung taperwer siken). Akir akir ini, aing jarang panggih. Karena sama sama sibuk. Aing sibuk mikiran sieta, sieta sibuk mikiran hariono. :((

Sore itu, Aing nyampeurkeun kateun ningsih. Sakalian manta dahar. HAHAHAHAHAHeup..
"Hai"
"Eh, kamu. Kangen ya sama aku?"
"Iyah nih beb. Mamah kamu, masak apa?"
"ARISIAAAAAAA"
" :((((((((((

Sembari melahap dengan cepat dahareun ti sieta, aing ngobrol. Awalna mah baik baik ajah. Sampai pada akirnya, ningsih ngomong... "Kayanya kita udah ga cocok". Ucap ningsih sempat membuat bebebrapa sangu anu aya dinu baham aing, luncat kana beungeut ningsih. Reuwas :((((

"Maksud kamu?"
"Percuma. Yang berusaha mempertahankan hubungan
ini cuma satu pihak. Cuma aku. Bukan kita"
"Tapi......."
"Aku harus memilih jalan yang terbaik. Maaf, kita putus"
"HEUMPTZ :((((.."
"Kok heumptz?"
"Sebenernya yang membuat kita seperti ini ya kita
berdua. Aa sibuk. Neng sibuk. Kita jarang ketemu.
Jalan yang terbaik harusnya bertemu. Bukan berpisah. :'))"

Ningsih calik. Bungkam. Ngagarayam kana palangkakan. Arisiaaaaa!!!!. Aing?. Indit ninggalkeun sieta jeung alas sangu anu can sempet dibeakeun.

Aing mah ngahaja teu menta sieta jang mempertahankeun hubungan. Sabab tinu kalimat anu diomongkeun kumanehna, bisa ditarik kesimpulan, lamun sabenerna, euweuh deui tempat jang aing dinu hatena. FAKLOP <///3 :')))

Sore pun, berganti malam~.. Biru jeung jinggana langit senja, lenyap!!! Saeutik-saeutik.

Jam 7 peuting. Teuing kunaon, malam itu, suasana dikamar aing terasa lebih sunyi anjis. Membuat seluruh sel-sel anu aya dinu otak aing serempak berteriak nama ningsih.
Disatu sisi, aing rujit ka sieta. Disisi lain, aya harapan dinu hate aing, semoga peuting ieu, sieta nelepon aing. Terus menta hampura. Terus ngajakan balik deui, dimulai dari angka Nol. ( Enya, da di SPBU mreund. Anying :((((

Waktu ampir rek nunjukeun jam, 10 peuting. Harapan aing terancam pupus. Ningsih euweuh nelepon. Hape aing sepi. Aing ngarenghap panjang. Mencoba menetralisir diri, sabari ngomong dinu hate "Iyahlah da akumah ap..... DA AKUMAH APA ATUH DA AKUMAH APA ATUH BAHAM SIA BAU KAPORIT LAH!!!" Fusing!.

Aing mabok salep. Sorangan. Setelah beberapa menit aing ngahuleng tarik, hape aing disada. Ringtun telepon asup. Aing dengan cepat, HAP!!! Menyergap henpon aing anu ngagoler dinu palang dada. Dengan penuh harapan, eta telepon ti sieta, rek menta hampura.

"Hallo?"
"Ya hallo. Sondang mana Sondang?"
"GOBLOOOOOG SIA DEUI!!!! :((((((((((((((("
*Podaran*

-ATOSAN-

No comments:

Post a Comment