Wednesday, September 17, 2014

Masa Kecil Itu Indah (Tapi) Pipaseaeun

Mari kita putar otak kita jauh kebelakang.
Dimana, kita sedang merasakan masa masa dimanja.
dipikadeudeuh ku si mamah sama ku si papah baheula.

Rasana teh anjir moal aya duana lah jeung ayeuna mah.
Baheula mah ceurik teh gara gara labuh tinu sapedah,
ayeunamah pedah cinta, Faklop!!.
Baheula mah sirik teh pedah babturan boga tetembakan pestol nu kaluar cai, sekarang mah sirik teh pedah batur mah loba kabogoh, aing mah loba hutang.

Aing sorangan inget keneh. Masa kecil aing aing mah beda
jeung masa kecil budak jaman ayeuna.
Budak ayeuna mah nyekel gejet, leptop, powerbank. aing baheula boga tamagoci ge bangga.

Budak ayeuna mah kasian gabisa ngarasaan ucing sumput, galah, perepet jengkol jeung kaulinan nu sejen yah. Da ayeunamah aya warnet. Arulin teh nyo nyo'o PB, Poker, shanghai.

Aing inget baheula osok ucing sumput. Dan disaat aing
ucing, nyaho nyarumputna kamana?. Garoblog teh nyumput ka imah masing masing gera. Aingmah riweuh neangan kukurilingan, ai nu diteangan nyampak teh, nuhiji keur dahar, nuhiji geus mandi, nuhiji dihaslin bari dihuapan ku indungna. Ari aing? CRY :'((((((

Terus ieu lay dinu jajanan:. Inget tukang endog puyuh anu kana citakan keun gening, padahal lain endog anjis etamah tarigu. endogna hiji tariguna 4karung aing ge apal. Naha aing nu meuli, jeung aing kudu daek masak?. Ai si emang tukang dagang, gadagna naon? Narima duit hungkul? Goblog Ngeunah si emang teu ngeunah di aing lah. Jeung naha aing teh bet daek. Tinggali siah mang, panggih disonay tampa henti kuaing. :((((

Terus lay, nyaho kadaharan MIE JEPANG keur sakola SD?
inget keneh. Mie jepang mie jepang sungut sia trapesium lah!! Ituteh padahalmah nye-nye-rean lay aisia anu tinu tarigu terus dibentuk nyere-keun. Dan nyieun na eta nyenyerean teh di limbangan lain di jepang. Goblog aing katipu besar ku si ibu-ibu eta. Tapi baelah da ngeunah yah. He 890x

Aya deui permen karet YOSAN berhadiah tato pemain mengbal anjis lay. Cenah barang siapa yang berhasil mengumpulkan cangkang nya yang berhurup Y-O-S-A-N, bakal meunang hadiah sapedah, kantong, jalan jalan ka universal studio. Tapi kata mitosmah cenah, da huruf N namah teu dijieun tipabrikna oge. Atuh nepika pangandaran pindah ka sumedang ge moal aya nu meunang hadiah arisia yosan goblog :((((

Aya deui ieumah anu paling nyebelin. Tukang jimbot anu dicang-cang tea gening. 500 mun teu salah mah sapaehna. ah geus sakitu etamah teu kudu dicaritakeun. Arapal meureunlah~

Tapi swit momen keur leutik aing nupaling hepan nyaeta mengbal with barudak sore sore. Lapangna sawah garing anu karek dipanen. Semua pemain diwajibkeun sendalna dibuka, sabab lamun teu dibuka mah bakal alus nyitak na. Unikna mengbal ieu euweuh tihang gul. Tapi diganti ku sendal ditumpuk tumpuk. Jarak badagna gawang, tilu lengkah orang dewasa. Sa acan maen pasti aya istilah suit, jeung perjanjian: "Lamun hand ball (bola kana leungeun) ngaku siah mun teu ngaku didoakeun sing maotna calangap jeung sing jomblo saumur hirup". Gituh~

Hahahahahahahah geuslah pokonamah kaendahan jaman baheula mah moal beak beak ditulismah. Keun we lay jang bahan caritaeun lamun boga budak.

Ngan sakitu ti aingmah. Karomen weh bisi aya carita lucu keur leutik nu lain. Sok ditunggu yah lay. Okey? Teu. Sip sad

Assalamualaikum...

No comments:

Post a Comment